BATU TULIS BOGOR
Boh ceuk babad boh ceuk
sajarah, lahirna batu tulis nu aya deukeut batu tulis (bogor) teh patalina
jeung karajaan Pajajaran.
Tulisan
nu aya dina eta batu tulis teh kacida hesena napsirkeunana. Ari sababna
aksarana aksara Sunda baheula anu ayeuna geus teu dipake.
Nurutkeun
para sarjana, tulisan tulisan anu bias dibaca teh aya eta:
1.
… Pun. Ini
sasakala Prabu Ratu Purana Diwastu.
2.
Diya wingaran
Prabu Guru Dewasasrana. Di wastu diya dingaran Sri . . .
3. Baduga maharaja Haji di Pakwan Pajajaran Sri Sang Ratu
De. . . jste.
Perhatikeun
kieu:
… Ieu teh pangeling-enling
ka Prabu.
Ratu Purnama. Mimiti
jumeneng raja kakasihna jadi Prabu Guru Dewastarana. Ti dinya jumeneng deui
Raja jujulukna Sri Baduga Maharaja, nyakrawati di Pakwan Pajajaran. Nya anjeunna
nu ngadengekeun dayeuh Pakwan. Anjeunna teh putra Rahyang Dewaniskala nu sumare
du Gunung tiga, … jste.
Dumasar kana harti eta
tulisan, para sarjana nyokot kacindekan yen eta tulisan batu tulis teh minangka
pangling-ngeling kana ngadegna Pakuan Pajajaran taun 1255.
Nu ngababak dayeuh pakuan nya eta Ratu Purana. Ari sanggeus jumeneng raja di Pajajaran jujulukna Sri Baduga Maharaja. Eta tulisan teh oge nyaritakeun jasa-jasa anu ngadegkeun Pakuan Pajajaran, saperti naratas jalan pagunungan, ngadegkeun tempat masamoan, ngayakeun leuweung larangan jeung ngadamel Talaga Warna Mahawijaya. Pajajaran runtag taun 1579/1580 Masehi.
Ari nurutkeun babad Bogor mah, batik tulis nu aya
ayeuna the, asalna mah nya sabak kagungan Prabu Kean Santang. Eta sabak the pamasihan
ti Raja Arab.
Basa Kean Santang nrajan
pajajaran, keraton teh geus kosong. Teras bae Kean Santang nancebkeun tetekenna
jeung nyimpen sabak deukeut korsi karajaan. Eta sabak the dipake nyatet
kajadian-kajadian nu aya patalina jeung karajaan Pajajaran, nya jadi Batu Tulis
ayeuna.
BABARAN
KECAP
1.
Babad hartina :
a) dongeng nu aya unsur
sajarah.
b) Sasama
c) Nyacar jukut nepi ka dempes
Naon
hartina babasan: Babad pancing?
2.
Tapsir = Katerangan
3.
Kakasihna = jenenganana
4.
Nyakrawati = marentah
atawa ngereh nagara
5.
Ngababak = nyieun
lembur (daerah) nu anyar
6.
Naratas =
ngamimitian nyieun (muka)
7.
Dayeuh = ibu kota atawa kabupaten
Dayeuh Maneuh = lembur pamatuhan
Saba dayeuh = mindeng nyaba ka kota
8.
Leuweung larangan = leuweung
tutupan, leuweung nu teu menang di ganggu boh tatangkalanana boh sasatoanana.
9.
Ratu Purnama = Ratu nu
sampurna
10. Pun = hampura
Bahan
Tina : KANDAGA BACAAN

0 komentar:
Posting Komentar